Mawar Bodas


Mawar Bodas

Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capéna
Sabab aya nu ditéang
Hujan angin dor dar gelap
Henteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing
Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala
Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik téh asa horéam leumpang gé asa ngalayang
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri haté
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar